TAUBAT NA AHLI ALLOH

 saur syekh abu yazid Al bustomi rodiyallohu 'anhu


-tobatna jalma ahli ma'siat mah cukup ku sakali ge asal balik ka Alloh jeung teu ngulang kana eta kama'siatan,

tapi tobatna jalma tukang ahli ibadah mag kudu sarebu kali tobatan,ti hati !


-karna tea nu ngarana ahli ibadah mah sok loba akuan kana dirina bahwa manehna anu ngalakukeun ibadah teh asa urang pang ahli sorgana,asa urang pang ahli elmuna,asa urang pang mulyana anu akhirna timbul ngahina ka batur,


-padahal saur para ulama lamun anjeun dina ibadah can nepi kana ngarasa ieu teh pamere ti Alloh,maka can aya tulisan ibadah di hadapan Alloh,


-komo lamun ngarasa diri anu ibadah diri anu boga elmu diri anu mulya maka saur syekh ibnu athoillah MUSRIK JALI hukumna,kaluar dina daerah ka imanan !


-matak lamun mah ngaji can sampe kana bab ma'rifat paur paur maotna mamawa dosa gede !

نعوذ بالله

-hayu urang belajar ngurus hate jeung ngabersihkeun hate dina mafsadat" anu meakeun kana amal ibadah sabab Alloh teu ningali kana rupa padameulan anjeun tapi ningali kana hate hate anjeun !


#sumber kitab hikam /ihya ulumudin

Komentar

Postingan populer dari blog ini

SHOLAWAT PANCER LANGIT

DOA IKHTIAR TERAKHIR

KAJI ASAL USUL DIRI KITA